Senin, 07 Desember 2009

Biografi Basa Sunda



Ano Karsana
Ano Karsana mimiti muncul dina rohangan ”Manglé Rumaja”, majalah Langensari, Kalawarta Kudjang dina taun 1964. harita téh masih jadi murid SMP di Pameungpeuk. Aya sajak, carita pondok sakapeung bahasan. Dina basa Indonésia ogé sok nyerat dina rohangan remaja suratkabar Pikiran Rakyat, umumna mangrupa carita pondok. Ano kungsi narima Hadiah Sastra LBSS pikeun sajak-sajakna (1992).
Sajakna tacan aya anu dibukukeun. Karyana anu dibukukeun mangrupa carita barudak jeung buku pangajaran sakola kayaning Sari Bahasa Indonésia, 6 jilid keur SD (1987), Pendidikan Bahasa Daérah, keur mahasiswa PGSD (1992), Liburan Bersama Kawan-Kawan Baru (1985), Bunga Mekarwangi (1992), Biarkan Burung-Burung Lepas Bébas (1992), Monumén Hutan Jati (1992) jeung lian-lianna.
Ano dibabarkeun di Pameungpeuk, Garut (10 Novémber 1947). Sabada tamat SPG nuluykeun ka IKIP Bandung jurusan basa jeung sastra Indonésia nepi ka tamat (1975). Sarta ngawulang di almamaterna.

Cut Nyak Dhien
Cut Nyak Dhien dibabarkeun di kulawarga bangsawan nu taat kana agama di Lamdinang, wilayah VI Mukim dina tahun 1848. Ramana nu namina Teuku Nanta Setia, mangrupi uleebalang VI Mukim, tur katurunan Machmoed Sati, nu ngumbara ti Sumatera Barat. Machmoed Sati kamungkinan dongkap ka Aceh dina abad ke 18 waktos kesultanan Acehdiparentah ku Sultan Jamalul Badrul Munir. kumargi eta, Ramana Cut Nyak Dhien ngagaduhan darah ti Minangkabau[4][2]. Ibu Cut Nyak Dhien nyaeta putri uleebalang Lampagar.
Waktos alitna, Cut Nyak Dhien mangrupi gadis nu kakoncara kageulisanna.[2] Anjeunna kenging atikan dina widang agama (nu dididik ku sepuhna atanapi guru agama) sareng lingkungan kulawargana nbgagaduhan kabiasaan ngatik budak gadis pikeun: masak, ngalayanan caroge, tur taat kana atikan). Seueur pameget nu kapincut ku Cut Nyak Dhien sareng pada ngalamar.
Dina yuswa 12 tahun, anjeunna tos dinikahkeun ku sepuhna, nyaeta taun1862 sareng Teuku Cek Ibrahim Lamnga[4][2], putra ti uleebalang Lamnga XIII. Aranjeunna ngaggaduhan hiji-hijina putera pameget.
Teuku Umar, salah sahiji tokoh nu melawan Belanda, ngalamar Cut Nyak Dhien. Kawitna Cut Nyak Dhien nolak, tapi kumargi Teuku Umar ngawidian pikeun ulubiung di medan perang, Cut Nyak Dhien satuju pikeun rimbitan sareng anjeunna dina tahun 1880 nu nyababkeun ngahudangkeun moral pasukan perlawanan Aceh. Aranjeunna dipaparin budak isteri nu dipasihan nami Cut Gambang.[1]
Saatos rimbitan sareng Teuku Umar, anjeunna sareng Teuku Umar tempur ngalawan Belanda. Mung, Teuku Umar gugur waktos nyerang Meulabohdina tanggal 11 Februari 1899, nu nyababkeun anjeunna berjuang nyalira di pedalaman Meulaboh sareng pasukan alit.
Cut Nyak Dien waktos eta tos sepuh tur ngaggaduhan panyakit encoksareng rabun, numawi pasukanna nu namina Pang Laot ngalaporkeun kaayaan anjeunna, alatan ngaraos iba.[2][3] anjeunna akhirna ditangkep tur dicandak ka Banda Aceh. Ti dinya, anjeunna dirawat sareng panyawatna mulai damang. Kaayaan anjeunna ngahudangkeun sumanget perlawanan rakyat Aceh tur kalayan bubunian masih hubungan sareng pejuang Aceh nu teu acan katangkep, alatan hal eta, anjeunna dialihkeun ka Sumedang. Tjoet Nyak Dhien pupus dina tanggal 6 November 1908kalayan dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang.

Cut Nyak Dhien (Lamdinang, Kerajaan Aceh, 1848 Sumedang, Jawa Barat, 6 November 1908; dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang) nyaeta Pahlawan Nasional Indonesia ti Aceh nu berjuang ngalawan Walanda dina waktos Perang Aceh. Waktos wilayah VI Mukim diserang, anjeunna ngungsi, sementawis carogena Ibrahim Lamnga tempur ngalawan Belanda. Ibrahim Lamnga pupus di Gle Tarum tanggal 29 Juni1878 nu nyababkeun Cut Nyak Dhien janten ambek tur sumpah bade ngahancurkeun Belanda.
pang-aan-merdeka-permana.jpgAan nu lahir di Bandung (16 November, 1950) kungsi diajar basa Jepang di Akademi Bahasa Asing Bandung tapi teu cucud. Sapopoena jadi wartawan tabloid Galura. Karanganana basa Sunda mimiti dimuat dina Mangle (1967) tuluy sinaGaruda. Kungsi meunang hadiah dina pasanggiri ngarang carita pondok Sunda nu diayakeun ku Yayasan Kudjang Putra, Bandung (1968).
Buku-bukuna nu basa Sunda nu kungsi medal, rereana carita pikeun bacaeun barudak, antaranaKedok Tangkorek (1986), Jalma nu Ngarudag Cinta(1986), Andar-andar Stasion Banjar (1986), Muru Tanah Harepan (1987), Nyaba ka Leuweung Sancang(1990), Tanah Angar di Sebambam (1987), Paul diPananjung, Paul di Batukaras (1996), Si Bedegong(1999), Silalatu Gunung Salak (6 episode, 1999—2001). Nu dina basa Indonesia, antarana Anak Laut Kembali ke Laut (1983), Memburu Harta Karun Peninggalan Jepang (1986), Menjelang Bandung Dibakar (1986), Hijaunya Pucuk Teh (1986), Di Puncak Gunung Manglayang (1986), jll.

Aam Amilia
pang-aam-amilia.jpgAam Amilia téh salah sahiji pangarang wanoja Sunda nu kawilang produktif tur penting dina Sastra Sunda. Mimiti ngarang ti taun 1960-an, nepi ka 2006 ratusan carpon jeung puluhan buku nu geus ditulis.
Karangan Aam Amilia réréana mah ngagambarkeun kahirupan di pakotaan. Aya deuih sawatara karanganana nu ngandung unsur detéktif, siga dina buku Kalajengking. Lian ti ngarang, Aam gé ngipuk sawatara pangarang ku ngayakeun keurseus ngarang. Di antara pangarang nu kungsi kaasuh ku Aam téh Holisoh MÉ jeung Hérmawan Aksan.
Lahir di Bandung, 21 Désémber 1946. Kungsi jadi wartawan jeung redaktur Majalah Manglé, majalah Hanjuang, koran Sipatahoenan,tabloid Galura, tabloid Kudjang, koran Sunda, wartawati Pikiran Rakyat.
Buku kénging Aam Amilia: Samagaha (1969), Asmara Ngambah Sagara (1970),Lalangsé (1970), Jago-jago Bandung Selatan (carita barudak), Puputon (1979),Buron (1980), Sanggeus Halimun Peuray, Kalajengking (1980), Tempat Balabuh(1994), Sekar Karaton (1994), Panggung Wayang (1992).

Ai
_Koraliati
pang-ai-koraliati.jpgLahir di Garut, 28 April 1965. Tacan lila kurang-karangna téh, kakara taun 2000-an, tapi sawatara carponna kungsi lélér hadiah Carpon Pinilih Manglé, jeung hadiah ti LBSS. Atuh dina Pasanggiri Novélét Bacaeun Barudak nu diayakeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, novélét “Catetan Poéan Réré” beunangna dilélér pinunjul harepan. Sapopoéna ngasuh barudak di SMP 1 Lémbang Kabupatén Bandung, da apan Ai téh guru.
Bukuna nu geus medal di antarana Catetan Poéan Réré (Grasindo, 2007) jeung carponna aya nu dimuat dina antologi Kembang Kadengda (2007).
Ai_Rohmawati
pang-ai-rohmawati.jpgLAHIR di Garut, 6 Séptémber 1986. Ngaran aslina mah Ai Rohmawati, ngan duka kumaha sasakalana bet milih sandiasma Wasta Ai. Keur kuliah kénéh di Jurusan Basa Sunda FPBS UPI Bandung. Mimiti kurang-karang-duka enya henteuna mah-ti “ticengklak manah” cenah. Karanganana kungsi dimuat dina Manglé, Giwangkara, Galura, jeung majalah kampus Turus. Kungsi deuih jadi pinunjul pasanggiri carpon jeung karya ilimiah di UPI.

Asep ganda sadikin
Sabada lulus Sarjana Muda Pendidikan Jurusan Bahasa dan Sastra Indonésia IKIP Bandung sarta lulus ti Pendidikan Guru SLA (PG-SLA), taun 1980 Asép terus jadi guru SMA, mimiti di Ciledug, Tangerang, tuluy pindah ka Jakarta, ayeuna di SMA Negeri 12 Bandung bari ngajar ongkoh di SMA Muhammadiyah 4 Sayati, Bandung. Tulisan-tulisanana dina basa Sunda jeung Indonésia, mimiti muncul taun 1974, dina Manglé, surat kabar Pikiran Rakyat, Giwangkara, Suara Daérah, Panji Masyarakatjeung lian-lianna. Taun 1986, Asép lulus ti Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni IKIP Bandung.
Waktu mahasiswa aktif di IPMI (Ikatan Pérs Mahasiswa Bandung) Cabang Bandung, jadi réporter Siaran Mahasiswa RRI Stasiun Bandung, Kampusiana Radio Sonata 47 jeung Warung Kopi Mahasiswa Radio Mara (1977-79).
Kungsi nulis buku pangjaran Panduan Belajar Aktif Bahasa dan Sastra Indonésiauntuk SMU.

Asep
_Ruhimat
pang-asep-ruhimat.jpgAlumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI taun 1984. Mindeng nulis dina koran jeung majalah sarta kiwari keur resep nyieunan buku pangajaran basa Sunda keur barudak sakola. Mun sakalieun nulis, sakapeung sok “sésébréd”, siga basa ngiritik Paguyuban Pasundan. Kasebut guru basa Sunda, tapi nyentrik, resep udar-uder da puguh ngajégang jadi wartawan ongkoh. Nulis sawatara buku pangajaran Basa Sunda.
Bukuna nu geus medal di antarana Sambel Jaér(2006), eusina kumpulan panineungan-panineungan mangsa keur budak. Kungsi milu ngokolakeun tabloid Kujang jeung harian Koran Sunda.


Beni_Setia
pang-beni-setia.jpgSanajan sajak-sajakna anu dina basa Sunda kakara medal dina antologi babarengan jeung nu lian nyaéta Antologi Puisi Sunda Mutahir (1980) jeung Saratus Sajak Sunda nu disusun ku Abdullah Mustappa (1992), tapi sajak-sajakna anu dina basa Indonésia geus aya anu dibukukeun antarana nu judulna Légiun Asing (1987) jeungDinamika Gerak (1990) sarta ku lantaran kagiatanana nyipta sastra, kungsi dilélér Hadiah Sastra ku Pusat Bahasa (1989). Sajak-sajak Béni nu basa Indonésia réa dimuat dina antologi-antologi antarana Senandung Bandung (1981),Féstival Désémber (1981), Tonggak (1987) nu disusun ku Linus Surjad SG jeung lian-lianna.
Sajakna réa dimuat dina ruangan sastra suratkabar Berita Buana, Pikiran Rakyat, Sinar Harapan, majalah Horison jeung lian-lianna. Ari nu basa Sunda mimitina dimuat dina suratkabar Sipatahoenan taun 1970-an, tuluy sumebar dina majalah-majalah Manglé, Kania, jeung Galura. Salian ti nulis sajak, Béni ogé sok nulis carita pondok, di antarana aya anu dimuat dinaSawidak Caritapondok anu disusun ku Abdullah Mustappa saparakanca (1983).
Béni dibabarkeun di Soréang, Bandung (1 Januari 1954). Satamatna ti SPMA (Sekolah Pertanian Menengah Atas) henteu jadi patani atawa penyuluh pertanian, tapi icikibung dina dunya kasenian.
Ku lantaran kajodokeun ka urang wétan, ayeuna Béni matuh di Madiun hirup tina ngarang
Chye_Reti_Isnendes
pang-retty-isnendes.jpgLAHIR di Sukabumi, 2 Désémber 1972. Sapopoéna ngajar di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI. Nulis carpon, éséy jeung sajak dina basa Sunda. Bukuna, Kidang Kawisaya, dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 2002. Karanganana dimuat deuih dina buku Sajak Sunda dalam Dua Bahasa, Kanagan(kumpulan carpon pinilih Manglé), Heulang nu Ngajak Béngbat (antologi carpon & sajak PP-SS),Néangan Bulan (antologi sajak Taman Budaya), jeung Kembang Kadengda (antologi carpon, 2007).

Dadan_Sutisna
pang-dadan-sutisna.jpgDijurukeun di lembur Pasirloa, pasisian Tanjungsari Sumedang, 22 Pébruari 1978. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh, tapi dikirimkeun ka média massa mah basa geus di SMU, taun 1995. Karanganana dimuat dina koran Kudjang, Manglé jeung Galuramangrupa carita pondok jeung carita nyambung. Sanggeus lulus SMU, taun 1997, bari ngimpleng-ngimpleng hayang kuliah (hanjakal nepi ka ayeuna can kalaksanakeun) sok idek-liher di majalah Manglé, nepi ka jadi wartawan pisan. Kungsi jadi Juara Harepan Pasanggiri Carita Pondok DK. Ardiwinata (1997), Harepan Pasanggiri Novel DK. Ardiwinata (1999), Juara I Lomba Cerita Rakyat Jabar (2000) Hadiah Sastra “Samsudi” (2002), Hadiah Sastra “Samsud” (2004), Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi (2003), Hadiah LBSS (2003).
Karyana nu geus dibukukeun di antarana Mistéri Haur Geulis (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2003), Nu Ngageugeuh Legok Kiara, (Kiblat, Bandung, 2001), Campaka Mangkak, antologi carpon (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Kanagan, antologi carpon(Geger Sunten, Bandung, 2004) Surat Cinta Pangarang Sunda (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Dén Angor (Djatnika, Bandung, 2001), Ukur Banyol (PT Manglé Panglipur, Bandung, 2000), Belajar Mudah Menggunakan Internet (Cipta Utama Press, Bandung, 2007), 7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster, buku internet (Mediakita, Jakarta, 2007).
Resep uprak-oprék kana komputer, pangpangna mah ngadésain internét.Website-nanu munggaran, Longsér: A Sundanese Folk Theatre, kapilih jadi finalis dina Adikarya Désain Indonésia 2003. Di PP-SS kapeto jadi sekertaris sakaligus kuncén website ppss.or.id. Ayeuna sapopoéna jadi Redaktur Majalah Basa SundaCupumanik.

DARPAN
pang-darpan.jpgLAHIR di Karawang, 4 Méi 1970. Nulis carpon, sajak jeung éséy dina sawatara koran jeung majalah basa Sunda. Kungsi kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé 1999 keur bukuna Nu Harayang Dihargaan, Hadiah LBSS jeung Hadiah Samsudi jeung Hadiah D.K. Ardiwinata. Ayeuna matuh di Garut bari ngajar di SMPN 1 Pakénjéng. Milu ngokolakeun Komunitas Srimanganti di Garut bari ngayakeun rupaning kagiatan sastra keur barudak sakola.

Dede_Safrudin
pang-dede-syafrudin.jpgLahir di Bandung (6 Séptémber 1972), tamatan S-1 Fakultas Sastera Universitas Padjadjaran. Mulai nulis sajak Sunda dina Kalawarta Kudjang (1993), saterusna dimuat dina Mangle jeung Galura. Anggota Kelompok Studi Budaya “Rawayan” jeung Komunitas Dangiang. Sajakna dimuat babarengan jeung nu sejen dina antologi Nyurup Lambak (1995) jeung Antologi Puisi Sunda I (1997).
Kungsi narima Hadiah LBSS pikeun prosa (2000) jeung jadi pinunjul pasanggiri kritik sastra nu diayakeun ku Yayasan Pasundan (2001).
Sawatara sajakna dimuat dina antologi Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007) nu dikumpulkeun ku Ajip Rosidi.

Dyah_Padimi
pang-dyah-padmini.jpgMulai ngamuatkeun guguritan katut éséy dina majalah Manglé jeung suratkabar Pikiran Rakyatsabudeureun taun 1990. guguritanana réa ngagambarkeun rasa kawanojaan sacara terus-terang, di sagigireun ngagambarkeun kadeudeuhna ka lemah caina, Tanah Sunda. Éséyna némbongkeun kaseukeut jeung kajembaran sawanganana.
Jenengan lengkepna Rt. Dyah Padmini Y. Locatelli, dibabarkeun di Sukabumi (10 Oktober 946). Tamatan Ecole Superieure de Perfectionne ment Industrial UI-DIP-ESPI, Paris. Kungsi jadi konsultan Campagnia Generale d’Ingegneria, Roma.
Taun 2001 dilélér Hadiah Sastra Rancagé pikeun bukuna Jaladri Tingtrim (Girimukti_Pasaka,_2000).
Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)

Eddy_D._Iskandar
pang-edi-d-iskandar.jpgRoman-roman Éddy D. Iskandar kungsi jadi bacaan populér barudak rumaja di sakuliah Indonésia. Aya kana 70 judulna. Réa di antarana nu geus dijieun filem. Éddy pribadi réa nyusun skénario filem, kaasup sérial Si Kabayan nu cenah sukses sacara komérsial di Jawa Barat. Dina basa Sunda Éddy sok nulis sajak jeung carita pondok salian ti bahasan téh. Béda tina karya-karya dina basa Indonésia nu sipatna pop, tulisan Éddy dina basa Sunda mah serieus. Réa dimuat dina majalah-majalah Manglé, Gondéwa, Handjuang, jeungGalura. Sajak jeung carita pondokna réa anu geus dibukukeun, di antarana Nu Ngaronghéap_Mangsa_Surup (1977), Heuay (1978), Jamparing (1980),Waruga Garba (1984), Kasidah Langit (1992), Tali Asih nu Nganteng (1985), Lembur Singkur Panineungan (1986) jeung lian-lianna.
Éddy dibabarkeun di Ciwidéy, Bandung (11 Méi 1951). Satamatna SMA kungsi kuliah di Akademi Industri Pariwisata di Bandung. Bada tamat pindah ka Akademi Sinématografi Institut Kesenian Jakarta (IKJ), tapi henteu nepi ka lulus ku sabab kajongjonan teuing nyieun skénario filem. Kungsi jadi redaktur majalah Cakakak, kiwari redaktur mingguan Galura.
Jeung babaturan saangkatan kayaning Juniarso Ridwan, Godi Suwarna, Yoséph Iskandar jeung lian-lianna, kungsi ngadegkeun ”Durma Kangka”, nu maksudna pikeun ngamajukeun budaya jeung sastra Sunda. Di antarana medalkeun Antologi Puisi Sunda Mutahir nu ngamuat sajak-sajak Éddy D. Iskandar, Juniarso Ridwan, Yoséph Iskan dar, Béni Setia, Taufik Faturohman, Godi Suwarna, jeung Wawan Se­tiawan.

Related Posts by Categories



Widget by Simran

0 komentar on "Biografi Basa Sunda"

Add your comment. Please don't spam!
Subscribe in a Reader
:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( =))

Posting Komentar

 

Asteriex Ipa 3 | Copyright © 2009 | Free Template Original Design By Deluxe Themes | Converted To Blogger By Technolizard